Sponsor

Sponsored by

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

GAMIS SYAR'IE OKI JERSEY KOREA MURAH - BEKASI
Mau belanja baju busana muslim, Gamis syar'ie OKI Murah, kerudung, manset legging murah. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

Damas – Tembang Bentang Kamelang

1.12.09 9:52 PM Ku Liezmaya

Eulis akang téh bimbang
Lami basa mimitran
Geulis duh buah ati
Iraha akang ka bumi

Eulis akang ngantosan
Nganti naon putusan
Geulis duh kembang soca
Piraku nu geulis tega

Kapan urang sasarengan
Melakeun tangkal harepan
Tepang téh teu acan lami
Piraku paturay deui

---------------------

Na kasaha kudu balaka
nemrakeun tungkusan kalbu
na kumaha kudu nyarita
nyampaikeun rasa katresna

Na kasaha kudu balaka
nyangreudkeun tatali asih
na kumaha kudu nyarita
maheutkeun rasa katresna

sakapeung sok nanya diri
na kunaon hate beut gandrung
mikiran kanu saurang
linglung gandrung ngalanglayung

kacapi, nu jadi saksi
nyaksian lalakon diri
rumpaka natrat nyarita
tandaning kuring micinta

----------------------------

Naon nu jadi alesan
Naon nu jadi lantaran
Naon nu jadi ukuran
duriat di halang halang

Naha urang bet patepang
Naha asih bet sirungan
Boa hate téh longkewang
duriat mah ukur impian

nu leupat mah boa tepang salah mangsa
dipiasih dibelit lain wanci
salira mah balebat ti beulah wetan
pamohalan nungtut tepung jeng layung

saha nu rek disalahkeun
saha nu rek dibongankeun
saha anu rek nulungan
nu salah mah bongan sorangan

--------------

Halimun nyalangkrung
da langit keur mendung
duuuh panutan ati geulis teuing katumbiri

Halimun katineung
na langit keur ceudeum
duuuh panutan rasa
lebar temen ku ci soca

ci soca nu masehan damis
kadeudeuh gening beuki pageuh
salira ngeclakeun ci soca
hate akang samagaha

 

Katresna ti www.potter.web.id (Liezmaya)

5 Response to "Damas – Tembang Bentang Kamelang"

  1. Unknown Says:

    teh, gaduh mp3 na?

  2. Unknown Says:

    Link mp3 na palimana teh ?

  3. Liezmaya Says:

    Gaduh...mung tacan aya waktos uploadna hehe

  4. De Riva Giana Says:

    Eta anu halimun (lirik terakhir) naon judul laguna nya?

  5. Unknown Says:

    Nyunken link na teteh

Tutumbuan

Milari Dadali Manting