malati digunung Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sesetraning rasa
jadina dina mumunggang
leuweung larangan
malati digunung Guntur
hanjakal heunteu dipeutik
beja geus aya nuboga
ngahaja melak didinya para
guriang
ayeuna kuring geus jauh malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha
kamari jol aya beja malati ratna mumungang
majar can aya numetik duka kunaon
malati di gunung Guntur
ligar dina panineungan na panineungan
na saha baris metik
kuring mah da puguh jauh biheung ka dongkang
Posted in
nu sanesna
ieu...salam....manis
manis...salam kuring
nya ieu pisan nusalawasna nyanding
nyaring...ngahariring
ieu...salam...manis
manis...salam kuring
nya ieu pisan nusalilana nganteng
anteng...kapitineung
datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring rakeutkeun, duh dunungan
datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring rakeutkeun
Posted in
nu sanesna
Pajar maneh bet naek kareta Cikajang
Di muatan mah di sisi jambatan
Pajar maneh deuh henteu ngewa ngewa acan
Tos narosna mah geuning hate seseblakan
Bangbung ranggaek
Tadi embung ayeuna daek
Bangbung ranggaek
Tadi embung ayeuna daek
Pajar maneh deuh henteu ngewa ngewa acan
Diemutan mah geuning hate seseblakan
Saurna mah deuh kintunan ti Baros
Ti Baros na mah tos dikaranjangan
Pa amprok mah deuh henteu hawatos teu naros,
Tos naros na mah geuning sering dianjangan,
Bangbung ranggaek
Tadi embung ayeuna daek
Bangbung ranggaek
Tadi embung ayeuna daek
Pajar maneh deuh henteu alim patepang,
Nu kasepna mah,
Geuning sering ngalanglangan
Posted in
Lagu wajib sunda,
nu sanesna,
tembang kenangan sunda
Euis, ke antosan heula,
Aeh aeh saha eta,
Abdi sobat nu baheula,
Euleuh euleuh saur saur saha,
Euis teuing ku lucuna,
Idih idih paribasa,
Estu ku matak kayungyun,
Ah pameget eta mah biasa,
Ibu, bapa, dieu geura,
Sok aya jajaka,
Nu ngangkentresna,
Ku ngararewa,
Estu ku seueur gogoda,
Nu jangkung jalmina,
Kandel kumisna,
Sesah hilapna,
Euis, ke antosan heula,
Aeh aeh saha eta,
Abdi sobat nu baheula,
Euleuh euleuh saur saur saha,
Euis teuing ku lucuna,
Idih idih paribasa,
Estu ku matak kayungyun,
Ah pameget eta mah biasa,
Ibu, bapa, dieu geura,
Sok aya jajaka,
Nu ngangkentresna,
Ku ngararewa,
Estu ku seueur gogoda,
Nu jangkung jalmina,
Kandel kumisna,
Sesah hilapna,
Sesah hilapna,
Sesah hilapna,
Sesah hilapna,
Posted in
Lagu wajib sunda,
nu sanesna,
tembang kenangan sunda
Mesat ngapung luhur jauh di awang awang
Meberkeun janjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gadang jeung partentang taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahirihiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gadung siloka sinatria
Keur sukmana bangsa di nagara Indonesia
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahirihiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gadung siloka sinatria
Keur sukmana bangsa di nagara Indonesia
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Posted in
Lagu wajib sunda,
nu sanesna,
tembang kenangan sunda
Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha
Di mana bumina
Abi reseup
Kaanjeunna
Siang wengi
Kaimpi impi
Hate Abdi
Sararedih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut kanu geulis
Euis Bandung
Siang wengi
Kaimpi impi
Hate Abdi
Sararedih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut kanu geulis
Euis Bandung
Emut kanu geulis
Euis Bandung
Posted in
nu sanesna,
tembang kenangan sunda
Akang haji sorban palid
Palidna ka cilamaya
Akang haji sumangga calik
Nyanggakeun mah sa aya aya
Akang haji sorban palid
Palidna ka cikapundung
Akang haji kunaon balik ulah lila
Dalila pundung
Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Najan sono najan heman
Teu sae ngobrol di jalan
Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan
Akang haji sorban palid
Palidna ka cikamiri
Akang haji kunaon balik
Ulah osok da nganyenyeri
Akang haji sorban palid
Palidna ka cilamaya
Akang haji sumangga calik
Nyanggakeun mah geuningan sa aya aya
Posted in
cianjuran,
nu sanesna,
tembang kenangan sunda