Sponsor

Sponsored by

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

GAMIS SYAR'IE OKI JERSEY KOREA MURAH - BEKASI
Mau belanja baju busana muslim, Gamis syar'ie OKI Murah, kerudung, manset legging murah. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

Showing posts with label Rika Rafika. Show all posts
Showing posts with label Rika Rafika. Show all posts

Rika rafika – Ronggeng Imut

22.6.11 8:07 PM Ku Liezmaya 2 pesen

Nyi ronggeng imutna matak kayungyun
geulis campernik…
rengkak paripolahna…
ngengklak ku tepak kendang luhur panggung

Di gual geol gitekna di sunggal senggol
goyang di goyang
kataji imut nyi ronggeng

Imut ronggeng imut kabengbatan
mentang daya tarik keur bajidor
imut bentang panggung katalimbeung
teteup sekeut kameumeut nu narongton

haaaaaaaaaaaa...........haaaaaaaaaaaaa....2x
#back to top .

(Hatur nuhun kangge cep Ari kangge pairan lirikna)

Tembang Ronggeng imut ti teh Rika Rafika tiasa di download di dieu yeuh, mangga unduh.

Rika Rafika – Kahoyong Saha

25.5.10 9:58 PM Ku Liezmaya 0 pesen

Kahoyong Saha
Rika Rafika
Kahoyong saha....
urang kedah paturay
Kahoyong saha
urang kedah pepegatan

Kahoyong saha
anjen luas mundut ungkur pipisahan
kahoyong saha nya anjen hoyong angges - anggesan

Kahoyong saha
naha urang kedah nyiksa diri
getas nangtosan putusan dibibilasan
teu beunang dihalang halang
teu beunang diulah - ulah
anjeun keukeuh maksa

duuuh.....
duuuh.....

ayeuna, urang ges pajauh
sami - sami ngagugulung kangen
ayeuna, urang ges paanggang
sami - sami sering kamemelangan

dina amparan katineung...duh aduh
ukur bisa silih teuteup...duh amprok
dina amparan kaheman
ukur bisa ngarakacak
nganaha - naha 2x
duriat dipaksa pegat...duuuuuh...
kahoyong saha???

Katresna ti: Www.LieZMaya.Web.ID

Rika Rafika - Bambung Hideung

14.5.10 3:10 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Bambung hideung boro-boro teuing di candak
Leuheung bari dianggo ka suka galih
situ pinuh balong jero
bebendon sareung bebendu salira joag
awiiii teh pangajul buah
lantaran teu kitu deui

Sora bedil luhur mega paripaos
teu paya lepat sakedik
diri abdi kagamparan

Eeee banondari, nu geulis kawanti wanti
nu endah ngabalik warna puputon kembang kadaton
Jungjunan,
Lamun teu kauntun tipung, katambang beas, laksana kapiduriat
Matak paeh ngabae bangke
matak edan leuleuweungan

Matak paeh ngabae bangke....
matak edan leuleuweungan.....
Aduh alah ieung, da leuleuweungan....
[ http://liriksunda.blogspot.com ]

Aya uceung, paribasa
sarung bantal mung ku seep saputangan hiji
ceurik balas ku nalangsa, abdi nalangsa
nguping hujan tengah weungi diimah keueung sorangan
nguping hujan tengah weungi diimah keueung sorangan
.....diimah keueung sorangan.....

Nyangigir asa gigireun, nangkarak asa luhureun
Nyangigir asa gigireun, nangkarak asa luhureun
aduh alah ieung asa luhureun....

Jung nangtung asa lanjung
gek duk diuk asa tiguling
leumpang asa da ngalongkewang.

Katresna ti: Www.LieZMaya.web.id

Cianjuran - Bambung Hideung

19.4.10 2:07 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Bambung hideung boro-boro teuing di candak
ka suka galih galiih
situ pinuh balong jero
bebendon sareung bebendu
awiiii teh pangajul buah
lantaran teu kitu deui
galiiiih teu paya lepat sakedik
diri abdi kagamparan

mangga nyanggakeun kuma suling
kuma suling kuma kuma suling
eta suling teh mah awitamiang
suling teh mah awi tamiang
kuma kuring kuma kuma kuring
kuma kuma kuma kuring
tibelat kanu saurang
kanu saurang alah

neundeun surat neundeun surat
neundeun surat dina bilik
aes sawios katara oge
katara oge atos kudrat
sawios sangsara oge sawios sangsara oge
cangkurileung manuk hideung
euntep dina sisi lamping
da sisi lamping majar maneh
da mika mika tineung
di antos mah di antos teu aya sumping.

Rika Rafika - Cadu pundung

12.4.10 2:10 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Cadu pundung haram ngeujat sapanjang pageuh duriat
tali asih moal pegat
urang moal pada ngeujat...moal ngeujat

Gurat bumi urang sumpah satungtung pada mikanyaah
moal incah balilahan
arek silih pikaheman....pikaheman

Urang ingkeun ieu..ieu..ieu sirung kadeudeuh
Urang ipuk ieu..ieu..ieu..ieu binih kaasih
singajadi dina ati, ngakar dina sanubari

Urang siram ieu...ieu...ieu cinta ku kaheman
Urang petik ieu..ieu...ieu buah cinta kuduaan
pait amis, deuuuh cinta urang
purakeun urang duaan.

Rika Rafika - Tresna Ning Tresna

25.4.09 10:59 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Sajak Godi Suwarna

- Lagu Dian Héndrayana
- Arr. Adi Pribadi
- Nu Ngahaleuang Rika Rafika


Bet gumeter ramo-ramo haté kuring
Ngagupay-gupay salira
Geus lawas teuing ku lawas
madu anggang ti amisna

Nya ieu kuring maduna
beut piraku ilang sari salawasna
Saban rénghap pirang-pirang
binih kembang ditebar salega sukma

Bari disiram kamelang
bising garing pepetétan
Geus lawas teuing ku lawas
Geuning salira teu rekah na amparan taman kuring
[ http://liriksunda.blogspot.com ]

Duh, tangkalnu ditilar kembang
Geuning daunna muguran
Tuluy kuring ngarangrangan
Salawasna....

Katresna Ti: Www.LieZMaya.Web.ID

Rika Rafika - Leupat saha/ Moal

10:58 PM Ku Liezmaya 1 pesen
Kang leupat saha kang, da leupat saha?
waktos teupang harita heunteu balaka?
kang ku teu sangka kang, ku teu nyana
teupang deui ayeuna pada miboga

asih urang cinta urang mawa bagja
ngan hanjakal hareupan ilang sirna
rasa sono ngagalura na jero dada
deudeuh engkang katresna leupat mangsana

moal...moal kagoda
wios...wios jadi carita
najan cinta heunteu ngajadi
asih urang langgeung abadi

back to reff

katresna ti: www.liezmaya.web.id

Rika Rafika - Larapati

10:57 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Kamana duh panutan lawas dianti heunteu nembongan
kamana duh jungjunan nu sasari haripeut nepangan
iraha duh panutan urang patarema duduaan
iraha duh jungjunan ngatrat duriat pasini ngahiji

duh aduh aduh engkang enggal geura mulang
angkat teh kamalinaan
pan engkang kedal jangji rek kikin saati moal udar lanca linci

duh aduh aduh engkang kade engkang lali
bade bela tur satia
naha buktosna jalir engkang teu satuhu ku teungteuingeun

naon atuh leupat abdi
naon atuh dosa abdi
bagja diri laki rabi
salamina larapati....

kamana duh panutan lawas dianti heunteu nembongan
kamana duh jungjunan nu sasari haripeut nepangan
iraha duh panutan urang patarema duduaan
iraha duh jungjunan ngatrat duriat pasini ngahiji

Katresna ti: www.liezmaya.web.id

Rika Rafika - Karembong kayas

10:56 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Duh aduh karembong kayas
Disawang matak kagagas
Baheula keur jeung manehna
Karembong the jadi saksina

Duh aduh karembong kayas
Dianggo ku mojang kota
Loba nu matak kabita
Ku nu nganggo karembong kayas

Mojang bandung loba nu matak kaduyung
Ku wanoja sumedang matak kagembang
Mojang garut loba nu matak kagirut
Komo lamun nganggo karembong kayas

Mojang bandung loba nu matak kaduyung
Ku wanoja sumedang matak kagembang
Mojang garut loba nu matak kagirut
Komo lamun nganggo karembong kayas

Duh aduh karembong kayas
Dianggo ku mojang kota
Loba nu matak kabita
Ku nu nganggo karembong kayas

Mojang bandung loba nu matak kaduyung
Ku wanoja sumedang matak kagembang
Mojang garut loba nu matak kagirut
Komo lamun nganggo karembong kayas

Mojang bandung loba nu matak kaduyung
Ku wanoja sumedang matak kagembang
Mojang garut loba nu matak kagirut
Komo lamun nganggo karembong kayas

Rika Rafika - Dalinding asih

10:55 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalangkang, ngalamgkang galeuh lamunan
Ngagalindeng tembang tilam kamelang
(2 x)

Basa kuring arék miang
Anjeun jajap ngahaleuang
Lawung pataréma gandrung
Geter rasa cumarita
Duh kudu paanggang

Dalingding asih, jatining asih
Jadi angkeuhan urang duaan
Di péngkolan urang pisah
Rét katukang sumoréang …
Duh …

Dalingding, ngageri diri
Sorana kantun haréwos
Hawar-hawar ngajauhan
Teuteup geugeut lir gugupay
Duh…. témbong deui, gupay deui.

Ketresna ti: Wwww.sunda.liezmaya.web.id

Rika Rafika - Galunggung

10:55 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Layung luhureun galunggung
marengan wanci sareupna
surya ngampih pabuburit
pamit kacaangna beurang

duaan waktu harita, babarengan nyulam cinta
bari pinuh pangharepan
bagja pinuh pinekanan

layung luhureun galunggung
kunaon leungit teu pamit…leungit teu pamit
boa teuing cinta urang
moal lana papanjangan

layung luhureun galunggung
undurna kawas nu pundung…kawas nu pundung
boa pasini ngajangji
kapupus moal ngajadi

duaan waktu harita, babarengan nyulam cinta
bari pinuh pangharepan
bagja pinuh pinekanan

layung luhureun galunggung
kunaon leungit teu pamit…leungit teu pamit
boa teuing cinta urang
moal lana papanjangan

layung luhureun galunggung
undurna kawas nu pundung…kawas nu pundung
boa pasini ngajangji
kapupus moal ngajadi

Katresna ti: Www.liezmaya.web.id

Tutumbuan

Milari Dadali Manting