(Cipt. Mang Koko)
Seungit angin Priangan
Ngusapan embun-embunan duh embun-embunan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Ayun ambing, ayun ambing
Seungit angin kahyangan
Sumerep na lelembutan duh na lelembutan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Eling-eling mangka eling
Dengkleung dengdek 2 x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah wasiat tanah duriat
Anu matak tibelat nya rarasaan
Dengkleung dengdek 2x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresna jati sarakan
Anu tetep marengan nya lelembutan
Posted in
Mang Koko,
tembang kenangan sunda
Si Nyangsang tukang seng
Tatangga Si Liang Hong
Boga kabogoh si momoy micipok
Si Cengli kabitaeun hayang ka cipok
Ku cipok di bejakeun ka Si nyangsang
Cang cing cong – cang cing cong
Si nyangsang jadi nepsong
Neneangan si Cengli kacangkilung
Cangkilung bebeja ka si cuankie
Babaturan sobat dalit si cengli
Si cengli sieuneun laporan ka si tai jin
Si tai jin nangtang geulut ka Si nyangsang
Si nyangsang lewih nepsong neangan taijin
Tai jin nyangsang garelut di walungan
Cang cing cong 3x
Cing cang cang
Cang cing cong 3x
Cing cang cang
Cang cing cong 3x
Cing cang cang
Cang cing cong 3x
Cing cang cang
Lagu dongeng asal ti negri hongkong
Bawa babaturan nu gede bohong.
Katresna ti: Www.LieZMaya.Web.ID
Posted in
Darso