Ceunah cinta teh buta
Pajar teu mandang harta
Bohong.. ah geuningan bohong
tanpa harta cinta teh
terasa hampa
Ceunah yang penting cinta
Pajar yang penting sayang
Bohong.. ah geuningan bohong
Cinta dan sayang sakapeung
rajeun ngalayang
Ngalayang.. pegat kapakan
Ngalayang.. dina implengan
Ngalayang.. dina lamunan
Ngalayang.. kokolebatan
Ceunah bade satia
Pajar bade bumela
Bohong.. ah si akang bohong
Anjeun jalir tina janji
nu pasini
Posted in
Bungsu bandung
Dihaleungkeun ku: Rya Fitria / Nia Daniati/ Yana Kermit
Teu lami sasasih deui
asih urang bakal ngahiji
Teu weleh dianti-anti
bakal nyorang laki rabi
Awas ulah robih deui
komo deui rek jalir jangji
estu cinta ukur hiji
nepi ka dijemput pati
Nya abdi sareng salira
pada pada mikacinta
susah senang sesarengan
pait manisna dua..an…
Ulah jalir jangji
Ulah jalir jangji
Komo deui aya niat nganyenyeri
Ulah jalir jangji
Ulah jalir jangji
Komo deui aya niat gaduh deui
Kadeudeuh nu urang
kaheman keur urang
(uihan deui ka awal)
Reff:
Ulah jalir jangji
Ulah jalir jangji
Komo deui aya niat nganyenyeri
Ulah jalir jangji
Ulah jalir jangji
Komo deui aya niat gaduh deui
Posted in
Nia Daniaty,
Ria fitria,
Rya Fitria