Sponsor

Sponsored by

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

GAMIS SYAR'IE OKI JERSEY KOREA MURAH - BEKASI
Mau belanja baju busana muslim, Gamis syar'ie OKI Murah, kerudung, manset legging murah. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

Tatalirabi/ Tali rarabi - Tembang Cianjuran

13.6.14 12:05 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Ulah rèk pègat tali rarabi

Tètèp Meungkeut Pageuh
Ulah rèk pegat rasa kaheman
nyancang katresna urang dua’an


Ulah rèk pegat, ulah rèk sapat
Janji sa’ati mupusti pasini
Pasang subaya

Tèteup Nganteub dina qolbu


Langgeng Katineung dina jajantung

mugia kasorang seja tinek kanan
kacinta urang kanyaah urang nu dua’an
nyanding katintrim nyandang kaheman


Estu satuhu lana satia salawasna
duriat anu marengan
Kanya’ah anu  karandapan

Tebih Balayi jauh kaceuceub


Anggang kamelang kango salawasna
hareupan urang, udagan urang
Bagja sasarengan  satuhu salamina
Geusan ngajagi tatalirabi

Iko - Wayahna

13.5.14 2:35 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Wayahna jengkol deui 2x
wayahna asin deui 2x
wayahna tumis deui 2x

wayahna deungeun sangu sapapoe
suk isuk, jengkol
beurang, asin
ari peuting tumis

wahyana tempe deui 2x
wayahna tahu deui 2x
wayahna endog deui 2x
wayahna deungeun sangu sapapoe

Isuk isuk, tempe
beurang, tahu
ari peuting, endog

REF”
“Barudak ulah ngarungsing, ningali kolot keur pusing,
sok dalahar sa'ayana, wayahna jeung hulu peda
nagara meunang cocoba bencana di mana
anguran loba ngadoa, sing pasrah kana kawasa”

Wayahna, urab deui 2x
wayahna, kangkung deui 2x
wayahna, walu deui 2x

wayahna deungeun sangu sapapoe,
isuk isuk, urab
beurang, kangkung
ari peuting, waluh

Jengkol,, Asin,, Tumis,, Tempe,, Tahu,, Angeun kacang Urab,, Bala kutak.

Download Album MP3 Keroncong In Lounge

23.11.11 5:46 PM Ku Liezmaya 1 pesen

Hapunteun postingan ieu rada OOT, sanes lirik sunda…namung simkuring hoyong babagi we url kangge download keroncong modern. Simkuring salah sawios jalmi nu teu pati resep kana keroncong, namun tembang2 ieu benten pisan, keroncong modern, mangga w dicobi dangukeun heula hiji mah ^^

Downloadna didieu:

http://www.4shared.com/audio/7ew7yIEB/Keroncong_In_Lounge_-_Keroncon.html
http://www.4shared.com/audio/evNjQgYF/Keroncong_In_Lounge_-_Somethin.html
http://www.4shared.com/audio/md5DflNM/Keroncong_In_Lounge_-_Words.html
http://www.4shared.com/audio/4hWH1iOc/Keroncong_In_Lounge_-_Rangkaia.html
http://www.4shared.com/audio/sC8C77g0/Keroncong_In_Lounge_-_Jali_Jal.html
http://www.4shared.com/audio/A2aY-m8e/Keroncong_In_Lounge_-_Rythem_O.html
http://www.4shared.com/audio/PcCBUJ2W/Keroncong_In_Lounge_-_Besame_M.html

Wilujeng ngadangukeun, enjoy it! ;)

Sono bae – Doel Sumbang feat Nining Meida S

26.8.11 6:59 PM Ku Liezmaya 4 pesen

Kabayang - bayang bae
kaimpi - impi bae
na pipikiran, na rarasaaan
na tetenjoan, saliraaaa

Sono ku sono bae
emut ku emut bae
rumasa beurang
gede duriat
hate kabandang saliraaaa

Isuk, beurang, sore, peuting
hayang panggih bae
Isuk, beurang, sore, peuting
hayang deukeut bae

[LieZMaya/ Lilis mayasari - Liriksunda.blogspot.com]

Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngelehan
Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngeledan

Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngelehan
Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngeledan.

Leungiteun - Mae Murhayati

24.8.11 7:08 PM Ku Liezmaya 2 pesen

Kamana panutan Abdi
Nu sok biasa sumping
Kamana panutan rasa
Nu sok leukeun ngariksa

Tara tara tisasari
Abdi ngaraos sepi
Teu aya keur pakumaha
Keur batur suka-suka

[LieZMaya/ Lilis mayasari - Liriksunda.blogspot.com]

Ieu abdi leungiteun
Mondok ge tara tibra
Ieu abdi leungiteun
Neda tara mirasa

Kamana panutan Abdi
Nu sok biasa sumping
Kamana panutan rasa
Nu sok leukeun ngariksa

Sakur Ngimpi – Haji Darso

9.8.11 7:11 PM Ku Liezmaya 10 pesen

Saprak anjeun ngaleos
Ngabeubeutkeun duriat
Nirup asa nunggelis hate mararingis
Saprak anjeun ninggalkeun
Ngararajet cinta urang
Pikiran baluweng pinuh ku emutan

Sagala rasa kabawa anjeun
Saparo rasa ngilu ka anjeun
Nikmatna hirup leungit teu nyesa
Teuing kamana….
Letah teu mirasa sagala karasa pait
Sare gulang guling hese peureum

[LieZMaya/ Lilis mayasari - Liriksunda.blogspot.com]

Reff:

Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri
Kahayang mah waktu teh ngulang deui

Sabulan anu katukang
Basa silih keukeupan
Ngahelas kaleungitan
Ngorejat seseblakan

Lieuk euweuh lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan
Ngarep-ngarep sakur ngimpi
Ngarep-ngarep anjeun datang
Tiap detik ngan tatanya
Dimana anjeun

Letah teu mirasa sagala karasa pait
Sare gulang guling hese peureum

Uihan deui kana Reff

Peuting Munggaran – Bungsu Bandung

30.7.11 7:13 PM Ku Liezmaya 1 pesen

Waktu peuting harita
Hate asa sugema
Peuting anu mimiti
Anjeun Abdi ngahiji

Peuting harita
Anjeuna terus ngusapan
Sakujur dina awak, teua aya nu kaliwat
Sakujur dina awak, teua aya nu kaliwat

Deu-deuh , enggal enggal, geura geura
Ulah dilami keun deui
Abdi mah paeantos teu tahan
Enggal - enggal raket keun
Hate urang hijikeun
Ulah dilamikeun deui
Anjeun Abdi ngahiji

[LieZMaya/ Lilis mayasari - Liriksunda.blogspot.com]

Deu-deuh , enggal enggal, geura geura
Ulah dilami keun deui
Abdi mah paeantos teu tahan
Enggal - enggal raket keun
Hate urang hijikeun
Ulah dilamikeun deui
Anjeun Abdi ngahiji

Waktu peuting harita
Hate asa sugema
Peuting anu mimiti
Anjeun Abdi ngahiji

Rika rafika – Ronggeng Imut

22.6.11 8:07 PM Ku Liezmaya 2 pesen

Nyi ronggeng imutna matak kayungyun
geulis campernik…
rengkak paripolahna…
ngengklak ku tepak kendang luhur panggung

Di gual geol gitekna di sunggal senggol
goyang di goyang
kataji imut nyi ronggeng

Imut ronggeng imut kabengbatan
mentang daya tarik keur bajidor
imut bentang panggung katalimbeung
teteup sekeut kameumeut nu narongton

haaaaaaaaaaaa...........haaaaaaaaaaaaa....2x
#back to top .

(Hatur nuhun kangge cep Ari kangge pairan lirikna)

Tembang Ronggeng imut ti teh Rika Rafika tiasa di download di dieu yeuh, mangga unduh.

Hetty Koes Endang - Mitoha

18.6.11 1:07 AM Ku Liezmaya 0 pesen

bagja hate lantaran..anak mitoha
nu micinta satia..anak mitoha
kadang kala nyusahkeun..anak mitoha
aya milik keur ngurus..anak mitoha

boga budak ngarana..incu mitoha
lamun keuheul sok era..aya mitoha
rea hutang nu mayar..ukur mitoha
budak rea nu ngurus..iwal mitoha

[www.liriksunda.blogspot.com]

mitoha..mitoha nu nyieun tali baraya
mitoha..mitoha lamun bageur sok barang bawa
mitoha..mitoha ngawujudkeun rumah tangga
mitoha..mitoha gede ajen reujeung wibawa

mun geus lawas hayang panggih jeung mitoha
lamun sono incu jeung anak mitoha
mun rek balik kudu mahanan mitoha
demi gengsi tanggung jawab ka mitoha

Oon B - Gudawang

31.5.11 1:48 AM Ku Liezmaya 0 pesen

Duh ... peurih rasana
bebereh mungkas deudeuhna
Naha naon kasalahan diri
Anjeun kacida ku luas
geuning kasih dipungkas
asa tung ka bumi alam

*

Duh ... raheut gudawang
asa diteungteuinganan
anjeun sakiceup mere hareupan
nu puguh mah ngageuringan
geuring hate papanjangan
naon ... piubareunana

Reff:

[Kaddeudeuh ti: www.liezmaya.web.id ]

Ret ka langit
bentang ngadadak ngaleungit
komo bulan taya enggon nembongan
taya pikeun piubareun
ubar hate nu baluweng
Duh ... hate baluweng

Uihan deui ka *

mangga, download tembangna di:

http://www.4shared.com/audio/7e0rItQV/Oon_B_-_baluweng.html

(Gratis download mp3 lagu Gudawang – Oon B)

Pancuran - Wina

23.3.11 4:07 AM Ku Liezmaya 0 pesen

Pancuran, Cai pancuran
nu ngocor kana wahangan
maseuhan ka pasawahan
ku betah ninggal ngeplakna
harejo acan waktuna
nu tani meunang hasilna

Hoyong ninggal keur konengna
pare eta di alana
hanjalan acan waktuna
ku waraas ka kuping nu keur panenna

reff:
ceuk saha, duh ceuk saha
heunteu kabita
mun lempang
mapay-mapay pasawahan

ceuk saha, duh ceuk saha
taya endahna
mun ninggal
pamandangan pilemburan
cur-cor cai pagunungan
matak betah nu ninggalna

Bah Dadeng – Papatong (koneng)

22.3.11 11:06 PM Ku Liezmaya 4 pesen

Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng entreup na regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan

Sore mengkol ka Ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang ngawahan arek pamitan
poma tong ka jongjonan

Reff:
Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa

[ Katresna ti: Www.Liezmaya.web.id | Liriksunda.blogspot.com ]

Download tembangna di:

http://www.4shared.com/get/3JVJY4Yf/BAH_DADENG_-_PAPATONG.html

Bohong – Bungsu Bandung

1:26 AM Ku Liezmaya 0 pesen

Cenah cinta teh buta,
Majar teu mandang harta,
Bohong ah, geningan bohong,
Tanpa harta cinta teh terasa hampa,

Cenah yang penting cinta
pajar teu mandang harta
bohong ah, geningan bohong
cenah yang penting sayang
cinta dan sayang sakapeung kajeun ngalayang

ngalayang pegat tapakan
ngalayang dina implengan
Ngalayang, dina lamunan,
Ngalayang, dina impian!
ngalayang kokolebatan

Cenah bade satia
pajar bade gumela
bohong ah, akang mah bohong
anjen jalir tina jangji nu pasini.

[ katresna ti: www.liezmaya.web.id | liriksunda.blogspot.com ]

Hetty Koes Endang – Bongan Eungkang

16.3.11 12:22 AM Ku Liezmaya 0 pesen

Mun ngalangkung anjeuna tos alim deui
Abong kena lekasan paturay tineung

Mun ngalamun anjeuna tos alim deui
Pura-pura ngalieus miceun paneuteup

REFF:

Bongan eungkang ka abdi janji satia
Bongan eungkang ka abdi mungka carita

Bongan eungkang ka abdi geuning sulaya
Bibilasan ka abdi tega ngantunkeun

Na kunaon kapungkur kedah patepang
Kanggo naon upami kedah pa anggang

Katresna ti: www.liezmaya.web.id | http://liriksunda.blogspot.com

Yayan Jatnika – Bulan Cangkuang

12:15 AM Ku Liezmaya 2 pesen
Iraha....
urang rek kawas waktu ka tukang
mapay-mapay ria kabagja
rarakitan di situ cangkuang

Caang bulan
katutup mega milu nyaksian
dua rasa nu meungkeut ka heman
moal bade pipisahan
[ Katresna ti: www.liezmaya.web.id | http://liriksunda.blogspot.com ]

Reff:
Tangkal camara marindingan
angin peuting ngaleprokkan
dunya asa anu urang duaan
naha ayena bet pipisahan

Caang bulan di situ cangkuang
kiwari teu weleh narembongan
carita endah urang duaan
omat di ukir tina lamunan

Caang bulan di situ cangkuang
dina rasa teu weleh ngalangkang
najan urang pipisahan
hate mah silih anjangan.

Download/ unduh  tembangna di: http://www.4shared.com/get/dQlXzW9e/Bulan_Di_Cangkuang.html
Katresna ti: www.liezmaya.web.id | http://liriksunda.blogspot.com

Saha Nu Lepat Detty Kurnia ft Darso

15.3.11 11:50 PM Ku Liezmaya 0 pesen

Saha nu lepat, mun diri katalanjuran
Da bongan keur salira bet sarimbag jeng manehna
Saha nu lepat, mun heureuy kaleuleuwihi
da bongan keur salira bet sasorot jeng bihari

hanjakal tepang teh kapandeurian
dina wanci ges reup2an
mun maksa kudu dipenta
tangtu gede mamalana

(Katresna ti: www.potter.web.id | http://liriksunda.blogspot.com)

Mana nu lepat, ti mangsa paduduaan
Da hate pernah kagiwat, ku salira jeng geugeutna
Saha nu lepat, mun heureuy kaleuleuwihi
Da bongan keur salira bet sasorot jeng bihari

hanjakal tepang teh kapandeurian
dina wanci ges reup2an
mun maksa kudu dipenta
tangtu gede mamalana
Mana nu lepat, ti mangsa paduduaan
Da hate pernah kagiwat, ku salira jeng geugeutna

Dihaleuangkeun ku: Detty Kurnia ft Darso.
Download tembangna di: http://www.4shared.com/audio/8DYdJadh/Lagu_Sunda-Darso__Detty_Kurnia.html
Katresna ti: www.potter.web.id | http://liriksunda.blogspot.com

Dewi Mandalawangi – Yayan Jatnika

13.3.11 4:18 AM Ku Liezmaya 0 pesen

Dewi Mandalawangi
Geulisna kawanti-wanti
Pami anjeuna kaluar ti bumi
Pangpangna kaum lalaki
Seueur pisan nu ka taji

Dewi Mandalawangi
Putri bungsu almukarom mama kiyai
Nami asli Nur Dewi Siti Andini
Warga desa mandalangi
Kacamatan Batu Resmi

Ka candak ku ngaran tempat
Nelah dewi mandalawangi
Kembang desa pangmencrangna
Nu matak sarua pamuji

karamahan jeung bageurna
tos janteun sabiwir hiji
terlahir darah kiai
seueur dipi serab jalmi

Lamunan – Yayan Jatnika

7.3.11 3:13 AM Ku Liezmaya 0 pesen

Daun Kalapa nu oyag ka tebak angin
Siga gupayna kawas gupayna
Nu lawas ilang
Kasawang deui nembongan deui
Asih munggaran nu teu kahontal
Dina lamunan
*
Mun seug manehna
Kiwari aya gigireun
meureunan hate moal tagiwur
Dirungrung gandrung
Atuh kamana? naha dimana?
Ukur ngolebat dina lamunan
Dina lamunan
reff:
Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug wale teu aya
Kembang-kembang ka tresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan
Back to *
Back to reff

sumber : kodecahaya.blogspot.com

Asep Surya – Pisah Ranjang

4.3.11 3:16 AM Ku Liezmaya 0 pesen

Disebut lelengohan
da puguh geus bibitan
disebut geus bibitan
tapi kuring unggal sare ngan sorangan
nyeuseuh baju ku sorangan
masak sangu ku sorangan
geuning kieu rasana nu pisah ranjang

mun nempo kana harta
nyampak sagala aya
tapina kakayaan
heunteu bisa dipake ukuran
bukti dina rumah tangga
antara kuring jeung anjeun
teu ku hanteu
hancur ku orang ketiga

kleung atuh-atuh angkleung
sagara ombak-ombakan
pikir geuning nyacakan
sajeroning nu pisah ranjang

kleung atuh-atuh angkleung
sagara ombak-ombakan
aya keueung jeung nineung
sajeroning nu pisah ranjang

sumber : kodecahaya.blogspot.com

Asa tos tepang

23.10.10 5:44 AM Ku Liezmaya 0 pesen

Dipintonkeun ku Alm. Detty Kurnia

Asa asa...asa
Asa asa...asa

Asa tos tepang
asa tos kenal
Duka di mana....di mana

Asa tos tepang
asa tos kenal
Duka dimana...duka
[ http://liriksunda.blogpsot.com ]

eh...leres
eh...muhun
eh...leres
diditu di cipayung waktos manggung

Sasarengan duh padungdengan
icikibung puncak cipayung
mayung-mayung anteung kagandrung
diditu di cipayung waktos manggung

Sasarengan duh padungdengan
icikibung puncak cipayung
mayung-mayung anteung kagandrung
duuuh...bingung

Tutumbuan

Milari Dadali Manting