Sponsor

Sponsored by

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

GAMIS SYAR'IE OKI JERSEY KOREA MURAH - BEKASI
Mau belanja baju busana muslim, Gamis syar'ie OKI Murah, kerudung, manset legging murah. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

Banner ikeut LirikSunda.Blogspot.com

30.7.09 10:08 PM Ku Liezmaya 0 pesen

Nini Nini Luar Nagri

9:53 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Nini nini peot geus gomplok ku huis
Siga budak anu murag bulu bitis
Unggal poe gawe ngador jeung ngageulis
Pake bedak pake lipstik
Pake shadow rambut palsu
Siga jurig tangkal waru
Make baju necis hayang jiga artis
Ucad aced hayang jiga peragawati
Sura seuri huntu tinggal tilu siki
Calangapna gede teuing
Nepikeun ka asup angin
Mindeng pisan kabesekan
[ Liriksunda.blogspot.com ]

Nangkring di jalan tikungan
Ngaheureuyan budak bujang
Poho umur poho incu
Asa aing geulis keneh
Sura seuri
Tual toel
Gura gero
Kucap kiceup
Umat imut
Gutak gitek
Gubay geboy
Ucad aced
Asa kewes
Cumentil leuwih ti hostes

Ah hoream

9:52 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Dewek mah moal rek pipilueun
komo ukur neangan kode
ngadon mumuja nu hanteu hanteu
nepi ka sagala digade gade
kusabab masang kalaut bae
euweuh dina sajarahna
jalma jegud tina buntut
nu puguh mah ngadon kutud
sangsara neureuyan hitut
lieuk euweuh ragap taya
hayang masang beak modal
tungtungna jadi teu eling
barang tatangga ge dipaling

Ai

9:51 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Arek mungkir euweuh alesan keur mungkir
Asep endag ku Ai
Hese bohong rumasa teu bisa bohong
Asep oleng ku Ai
Ayeuna sisiga nu kabedil ku jangjawakan
Kapanah ku kinasihan
Lieur ku Ai
Kabedil ku jangjawakan
Kapanah ku kinasihan
Gelo ku Ai
Samara sasamar polah
Teu bisa dipapaleutkeun
Teu bisa dibebenjokeun
Nu aya dina lamunan beurang peuting
Ukur Ai
Rumasa teu bisa mungkir
Asep oyag-oyagan ku Ai
Rumasa teu bisa bohong
Asep eundeug-eundeugan ku Ai
Tue bisa mungkir jeung bohong
Nu aya dina hate Asep ngan ukur Ai

Sapi Daging

9:50 AM Ku Liezmaya 0 pesen
ngaku manusia modern
berkarier penuh obsesi
hayang jadi lalaki
jaman emansipasi
bari manehna teu ngarti
bisnis beurang peuting
bisnis naon duka teh teing
salaki di imah
ngajaga tulak panto
budak diasuh
cukup ku suster jeung babu
hayang mobil mewah ngabelaan jadi runtah
ngarepkeun ti salaki duitna teu cukup wae
emas berlian renceum ngaku bati tina bisnis
padahal hadiah ti rupa-rupa buaya
awewe nu kieu lain awewe modern
tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
menang maju teu meunang jadi lalaki
montong ngawalan kodrat
bisi ngadon jadi bejad

Beurit

9:49 AM Ku Liezmaya 0 pesen
ari nu ngaranna beurit
loba jelema nu rujit
hirup di susukan
sagala di gorogotan
ti mimiti kue bolu
nepi ka sapatu butut
beurit beurit
ari na ngaranna beurit
loba jelema nu rujit
da puguh biang penyakit
komo deui beurit kota
kasebut beurit nyakola
galakna kabina-bina
tara ningali sasaha
hirupna di jero kantor
daharna nu kotor kotor
kajeun dahar duit jadah
asal tempat gawe basah
gaji ti kantor disebut teu cukup
tunjangan ti kantor disebut teu cukup
sagala anu ti kantor kabeh disebut teu cukup
beurit nu boga jabatan maraceuh siga nu edan
ceunah mah nyiar sampingan
meungpeung aya kasempetan
di PLN
di Depnaker
di Pertamina
Di Kantor Pajak
di TELKOM
Di PDAM
ampir di kabeh jawatan aya beurit
nepi di sakola sakola aya beurit
eta meuruen nu disebut mafia pendidikan teh
atuh kudu ku saha nya ngaloporkeun kalakuan
beurit siga kitu teh
ari sanyaho kuring mah
salah sahiji nu di pikasieun ku beurit teh
nya ucing
tapi sanyaho kuring deui
kungsi aya kajadian ti heula
aya beurit bangor
dilaporkeun ka ucing
kalahkah diantepkan
beurit na ge teu ditegor tegor acan
ceuk beja mah
ucing oge ayeuna mah geus teu bisa nyarek
beurit bangor
da unggal bulan atawa unggal tahun
si beurit sok mere bagian ka ucing tea!
Wah hese geus kieu mah
kuring oge bingung kudu kumaha
da geuning kanyataannya
beurit jeung ucing geus sarua balalangor.

Bulan Batu Hiu

9:47 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Bulan nu sapasi sesa purnama kamari
di dieu duaan
suka bungah
segala rasa dibedah

bulan nu ngagantung dilangit batu hiu
tinggal sapasi sesa purnama lamari
sa niat sa jangji
sahidup samati
moal khianat
insya Allah moal pegat
[ LirikSunda.Blogspot.com ]

dina ruang hate
nu aya ukur salira
dina ruang hate
pasti ngan aya ukur salira
bulan dilangit batu hiu
sesa purnama kamari
bulan sepeuting nyaksi
nyepeng rusiah moal betus
pasti

Col Blem

9:47 AM Ku Liezmaya 0 pesen
col blem col blem
ari jelma ayeuna
teu koop boga kawasa
asa aing pangluhurna
sagala tara tatanya
dah ceunah teu perlu nanya
da teu sieun kumaha
col blem col blem
col blem col blem
sagala rupa dihakan
euweuh nu wani nyarekan
sieun ku kakawasaan
sagala rupa dicokot
euweuh nu wani nyarongot
sieun kalahkah dicopot!
jalma leutik kabeukina paling kejo
eta oge senen kemis
bari saukur jeung buncis
jalma gede lampah loba nu teu hade
asa gede asa gede
sagala hayang nu gede
leuweung, gunung, kebon, walungan,
laut, sawah, malahan getih batur geh dihakan
meungpeung aya kasempetan
meungpeung kuat ku jabatan
jalma sengsara
sanajan hidup sengsara
kdu maok bulak balik mikir heula
nu beunghar sagala aya
malingan duit nagara
meni teu gableg ka era
nu leutik malarat
loba anu daek sholat
sok sieun lamum maksiat
nu gede konglomerat
loba nu jaradi bangsat
iman renghat moral bejad
hareudang krisis moneter
ku dolar rupiah teler
nu leutik gugurubugan
siga jaer kasaatan
nu loba duit di bank
ngadadak mareuli gudang
loba oknum haram jadah
paresta narimbun barang
col blem col blem
col blem col blem
sembako sembako
kamana atuh sembako
sembako bingung cingogo
cicing di gudang nu gelo!
jalma leutik mah siga sireum
meus meus katincak meus-meus katincak
keun sing sabar wae
ulah hayang nyoco
angguran mah urang leuwih deukeut ka gusti
da hirup mah kapan muter
suga isuk pageto mah urang aya diluhur
ngan sing inget
mun geus diluhur
ulah siga nu garelo nu didongengkan tadi
Omat Nya!
sakitu wae lah ti kuring mah
lamun kuring kurang hade nyarita
hampura we dah kuring kurang nyakola
eta oge lain teu hayang sakola
ngan kapan sakola ayeuna mah sagala kudu
ku duit
ku duit Abah Eon ku duit!
aya duit bisa sakola
soal otak nomer dua
da ceunah soal angka peunteun mah bisa
diatur ku dana
kitu oge ceuk beja (harunten ka baraya di P dan K)
Lamun seug bener teh eta beja
pantesan wae atuh
ayeuna loba nu boga gelar sarjana
tapi ngan saukur gelar
uteukna mah biasa biasa saja
hah hah hah hah !

Gog gog

9:46 AM Ku Liezmaya 0 pesen
ting harewas ngaromongkeun
dunungan
ngagogoreng nepi ka bebeakan
abang gogog
teu nyaho ditambah wadi
nyatu kurang gogog ngagaik
nyatu cukup angger babaung
si dunungan liereun sirahna
nenjo polah gogog kukutanana
diukut kumaha di piceun teu tega
da kaasuh ti kirikna
diukut kumaha di piceun teu tega
teu kuat ku babaungna
na ngogogog namina gogog
nu ngagaik namina gogog
nu babaung namina gogog
anu goreng hate
gogog keneh!

Mojang Bedegong Urang Jelekong

9:44 AM Ku Liezmaya 0 pesen
lamun hitut siga sora bangkong
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
lamun kerek siga sora bangkong
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
ti bau cikur icalan cintrong
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
cita cita boga salaki garong
di alun alun panggih jeung si mehong
pangsiunan budak buraong
nu ayeuna jadi tukang bangkong
di modalan ku haji engkong
(urang cibintu tah haji engkong teh bah eon)
beuki deket beuki rakeut
siga keretas di rapet
henteu lila ti harita
urusan eujeung KUA
rumah tangga anyang-anyangan
loba pisan pacengkadan
loba piring tingkalayang
ka tatangga ngagandengan
mojang bedegong nu ngaku urang jelekong
teu bisa tumarima kana kaayaan mehong
anu penghasilan ngan saukur tina bangkong
hayang televisi ngan kabeli gambar toong
laki rabi awet rajet
recet siga anak ancet
rumah tangga paburantak
siga samangka katincak
siga bioskop
rumah tangga bubaran
mojang bedegong ngaranda
si mehong jadi duda
mojang bedegong
beuki maceuh ngelmu bagong
dangdanan siga nu gelo
mejeng hayang meunag jodo!
lalakon hirup manusia
sok tara disangka sangka
jadi inget kana film
nu judulna Pretty Woman
mojang bedegong urang jelekong
aya anu mikanyaah
lalaki benghar jeung kasep
ceunah mah pajabat basah
nya nepi ka rumah tangga
make jeung awet sagala
tara kadenge pasea
romantis luar biasa
nujun atuh ari geus senang mah
nyai!
ulah bedegong deui we nya!
kuring mindeng pisan panggih
manehna jeung salakina
make mobil herang mewah
bari renceum ku berlian
sifat jelema jalanan
tara poho ku babaturan
malahan ku kuring pernah
maksa milu makan malam
keur dahar kuring tumaros
bari rada ngaharewos
"nyai, sanes kapungkur mah cita-cita
teh palay kagungan caroge ka garong
naha teu janten, robih pamadegan?"
ari tembalna teh
"ah henteu kang doel, justru abdi teh
ngemut
upami abdi nyiar caroge garong
tangtosna rada sesah
margi tangtosna age moal aya garong
anu wantun ngangken garong
atuh kaleresan abdi pendak sareng
pamegat kasep bari jabatanana basah
binga kabina bina abdi teh
da geuning carage abdi anu pajabat
basah teh
sagala rupina langkung ti garong!"
kuring teu bisa nyarita
da ceuk pikir kuring age memang
heuheuh!
duka atuh ah poek
urang duakeun we ku urang
mojang bedegong sing geura eling

Hayang Apel

9:32 AM Ku Liezmaya 4 pesen
Ma...
Uyan teh geus gede...
Ma...
Uyan teh geus boga gawe...
Hayang jiga batur
Ulin ka awewe
Geus teu kuat hayangan ngasaan apel

Ma...
Uyan teh geus stil
Teu jiga baheula kucel jeung deukil
Itu geura aya awewe nyirintil
Bangun hayangeun di cabak pipi
[ LirikSunda.Blogspot.com ]

reff:
Sumpah ma...
Manehna bahenol
Wajar ma lamun uyan kacantol
Bongan ma maneh na sok tulal tolol
Ah isukan mah arek di bere surat

uih deui ka:*, reff

Cinta Ketok Magic

9:30 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Ari cinta kang sanes ketok magic
Di tutup-tutup teu kengeng sidik
Cinta keudah peuli rintih taliti memeh kapeuting

Ari cinta kang sanes supermarket
Di aya-aya ngarah kapelet
Cinta aya duriat kanyaah manteng geuning gumelis
[ LirikSunda.Blogspot.com ]

( Ari cinta, ari cinta )
Endah rasana suka jeung duka
( Ari cinta, ari cinta )
Lamun kapakeur sok luluasan

Pinuh pangorbanan
Pinuh kasabaran
Pinuh rasa heman
Pinuh ka imanan

Cinta

9:29 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa di atur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repok jodo akhirna datang sorangan

( Aduh aduh cinta )
( Aduh aduh cinta )
Cinta manjangkeun carita
( Aduh aduh cinta )
( Aduh aduh cinta )
Cinta panjang lalakona...

Cinta lir ibarat nu geulis
Geura endah ti mawu sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu lueus
Solo goto tapakan di anggang putus

( Aduh aduh cinta )
( Aduh aduh cinta )
Cinta penuh pangorbanan
( Aduh aduh cinta )
( Aduh aduh cinta )
Cinta penuh kasadaran

Cinta datangna teu kaharti
Gandrung ewuh mikangen ngungkapin ati
Cinta matak anteung beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan

( Aduh aduh cinta )
( Aduh aduh cinta )
Cinta mangkat mega endah
( Aduh aduh cinta )
( Aduh aduh cinta )
Cinta tembangna kanyaah

Kagembang

9:27 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Ah beut nyeredet kana hate
Duh sok teu puguh rarasaan
Ah teu beunang di papalerkeun
Angen ratu tutunggulan duh..
Abdi kagembang

[ LirikSunda.Blogspot.com ]
Ah naha enya anjeunna ge
Duh salempang loba hariwang
Ah sok sieun ambon sorangan
Hanas abdi mikacinta
Duh..Kumaha jadina

reff:
Lir bentang baranang
Nyaangan pinuh harepan
Susah nandingkeunana
Kagembang ka banang asih
Endah taya duana hanjakal jarang teupang (2x)


Hanjakal jarang teupang

Beger Mindo

9:26 AM Ku Liezmaya 0 pesen
Tara, tara tisasari
Akang dangdaa...n
Meuni lami pisan
Kumis carang di kurudan
Siga mangsa keur bujangan

Tara pisan biasana
Akang dangdaa...n
Euleuh bebeakan
Rambut leucir rapih pisan
Siga nu beuger munggaran

Kaca mata hideung
Pindah kana tarang
Niru, niru bujang nu karek umur belasan

Beurang peuting nganclo
Neang anu donto
Dirina geus poho...
Ka anak jeung bojo

(Anu beuger mindo
Poho anak bojo)

Kumalayang

9:22 AM Ku Liezmaya 2 pesen
( Alah, kieu geuning kasiksa nya ari boga rasa suka, terus teu wani nyarita, terus kitu awewena komo deui meuren nya teu wani nyarita, jadi balueung ah teu ngarti )

*
Teuing dimana
Teuing iraha
Asup na rasa
Kana jero dada
Ujug-ujug nyampak bari nyiksa
Ka edanan ku bebeakan

Mungkir teu bisa
Hate rumasa
Boga kacinta
Geude ka bina-bina
Pikir manteng ukur kadidinya
Teu irah heunteu dimana
[ LirikSunda.Blogspot.com ]

Lamun ti beurang
Pikiranku melayang
Aya kameulang aya rasa hariwang,
Aduh...Aduh...Aduh...

Peuting mun sare
Ngan kaimpikeun bae
Taya lian ngan ukur didinya

( Sami,,Sami )
Urang pada boga rasa
( Sami,,Sami )
Ngarasa kasiksa
( Sami,,Sami )
Sieun rek wakja balaka
Nya kumaha..Kumaha atuh kumaha

( Nya kudu di Kumaha atuh da ari pada-pada teu wani nyaritamah, nahan. Rek neangan panglayar...era, ari teu make panglayar pasti lila... )

Darso - Dadali manting

9:21 AM Ku Liezmaya 1 pesen
Nu Ngahaleuang: Darso

Dadali manting tipeuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu lawas ilang
Baturna duka kamana

*
Dadali manting tipeuting
Ngalayang kapileumburan
Hate duh kapigandrung
Nu ilang kawas nu pundung
[ LirikSunda.Blogspot.com ]

Reff:
Memang bongana manehna
Kacidana samokaha
Kaduhung sagede gunung
Kumaha nya pilampaheun

Dadali kabawa angin
Teu wasa nandangan lara
Tos teu kadenge deui sorana
Boa..Boa..Boa..Boa...
Tapi palias teuing..

Uih deui ka: *, reff

Tutumbuan

Milari Dadali Manting