Sponsor

Sponsored by

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

GAMIS SYAR'IE OKI JERSEY KOREA MURAH - BEKASI
Mau belanja baju busana muslim, Gamis syar'ie OKI Murah, kerudung, manset legging murah. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

Evie Tamala - Tunggara

29.4.09 11:25 PM Ku Liezmaya 1 pesen
Kasaha, nyalindung…
nandang gumuyung
geuring ngalanglayung
kasaha, abi muntang…
diri nunggelis, hirup nyorangan

Cuang cieung, abi ke’eung
gupuy gapay, taya pamuntangan
cuang cieung abi ke’eung
takdir diri
pinanggih kapeurih
[ LirikSunda.Blogspot.com ]

Engkang de' satia
engkang jalir jangji
luas titilasan

Engkang bade bela
engkang bade nyaah
engkang nu sulaya
tega pepegatan

Cinta engkang saliwatan
asih engkang ukur ***
cinta engkang luncat mulang
asih engkang nu mawa tunggara

Kadeudeuh ti: www.LieZMaya.web.id

Detty Kurnia - Bajing Luncat

28.4.09 3:57 AM Ku Liezmaya 1 pesen
Bajing luncat, bajing luncat
Ka astana aduh, Abdi lepat narosan
Teu ti anggangna

Ku teu sangka salira bet
luas pisan, Teu hawatos
Ka nu kesel ngantos ngantos

Api api teu emut kana pasini
Pasini pakait ati...duh pakait ati

Katresna ti: www.ngariung.com

Oon B - Jang

2:15 AM Ku Liezmaya 5 pesen
Jang
Hirup teh teu gampang
Teu cukup kudipikiran
Tapi bari dilakonan

Jang
jalan kahirupan
heunteu sapanjangna datar
aya mudun jeung tanjakan

kudu sabar dina kurang
ulah neupak dada beunghar
salawasna kudu syukur
eling kanu maha agung
kade hidep bisi kufur

[Kadeudeuh ti: Www. LieZMaya.Web.ID]

Jang
cing jadi jalma gede
cing jadi jelema gede
beunghar harta jemar hate

Jang
hidep cing ngajalma
turut parentah agama
ulah jauh ti ulama

Nyobat sareng ahli tobat
dalit sareng para kiai
hirup keuna ku owah gingsir
ngarah aya nu ngageuing
mangsa lengkah ninggang salah

Reff:
Cing pinter tur bener
cing jujur tong bohong
ulah nganyerikeun batur
ngarah hirup loba dulur

Raksa ucap langkah
tekad jeung tabe'at
ngarah pinanggih bagja
salamet dunia akhirat

Jang...
jang...
hidep cing sholeh
jang...
jang...
cing jadi jalma sholeh

Rika Rafika - Tresna Ning Tresna

25.4.09 10:59 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Sajak Godi Suwarna

- Lagu Dian Héndrayana
- Arr. Adi Pribadi
- Nu Ngahaleuang Rika Rafika


Bet gumeter ramo-ramo haté kuring
Ngagupay-gupay salira
Geus lawas teuing ku lawas
madu anggang ti amisna

Nya ieu kuring maduna
beut piraku ilang sari salawasna
Saban rénghap pirang-pirang
binih kembang ditebar salega sukma

Bari disiram kamelang
bising garing pepetétan
Geus lawas teuing ku lawas
Geuning salira teu rekah na amparan taman kuring
[ http://liriksunda.blogspot.com ]

Duh, tangkalnu ditilar kembang
Geuning daunna muguran
Tuluy kuring ngarangrangan
Salawasna....

Katresna Ti: Www.LieZMaya.Web.ID

Rika Rafika - Leupat saha/ Moal

10:58 PM Ku Liezmaya 1 pesen
Kang leupat saha kang, da leupat saha?
waktos teupang harita heunteu balaka?
kang ku teu sangka kang, ku teu nyana
teupang deui ayeuna pada miboga

asih urang cinta urang mawa bagja
ngan hanjakal hareupan ilang sirna
rasa sono ngagalura na jero dada
deudeuh engkang katresna leupat mangsana

moal...moal kagoda
wios...wios jadi carita
najan cinta heunteu ngajadi
asih urang langgeung abadi

back to reff

katresna ti: www.liezmaya.web.id

Rika Rafika - Larapati

10:57 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Kamana duh panutan lawas dianti heunteu nembongan
kamana duh jungjunan nu sasari haripeut nepangan
iraha duh panutan urang patarema duduaan
iraha duh jungjunan ngatrat duriat pasini ngahiji

duh aduh aduh engkang enggal geura mulang
angkat teh kamalinaan
pan engkang kedal jangji rek kikin saati moal udar lanca linci

duh aduh aduh engkang kade engkang lali
bade bela tur satia
naha buktosna jalir engkang teu satuhu ku teungteuingeun

naon atuh leupat abdi
naon atuh dosa abdi
bagja diri laki rabi
salamina larapati....

kamana duh panutan lawas dianti heunteu nembongan
kamana duh jungjunan nu sasari haripeut nepangan
iraha duh panutan urang patarema duduaan
iraha duh jungjunan ngatrat duriat pasini ngahiji

Katresna ti: www.liezmaya.web.id

Rika Rafika - Karembong kayas

10:56 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Duh aduh karembong kayas
Disawang matak kagagas
Baheula keur jeung manehna
Karembong the jadi saksina

Duh aduh karembong kayas
Dianggo ku mojang kota
Loba nu matak kabita
Ku nu nganggo karembong kayas

Mojang bandung loba nu matak kaduyung
Ku wanoja sumedang matak kagembang
Mojang garut loba nu matak kagirut
Komo lamun nganggo karembong kayas

Mojang bandung loba nu matak kaduyung
Ku wanoja sumedang matak kagembang
Mojang garut loba nu matak kagirut
Komo lamun nganggo karembong kayas

Duh aduh karembong kayas
Dianggo ku mojang kota
Loba nu matak kabita
Ku nu nganggo karembong kayas

Mojang bandung loba nu matak kaduyung
Ku wanoja sumedang matak kagembang
Mojang garut loba nu matak kagirut
Komo lamun nganggo karembong kayas

Mojang bandung loba nu matak kaduyung
Ku wanoja sumedang matak kagembang
Mojang garut loba nu matak kagirut
Komo lamun nganggo karembong kayas

Rika Rafika - Dalinding asih

10:55 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalangkang, ngalamgkang galeuh lamunan
Ngagalindeng tembang tilam kamelang
(2 x)

Basa kuring arék miang
Anjeun jajap ngahaleuang
Lawung pataréma gandrung
Geter rasa cumarita
Duh kudu paanggang

Dalingding asih, jatining asih
Jadi angkeuhan urang duaan
Di péngkolan urang pisah
Rét katukang sumoréang …
Duh …

Dalingding, ngageri diri
Sorana kantun haréwos
Hawar-hawar ngajauhan
Teuteup geugeut lir gugupay
Duh…. témbong deui, gupay deui.

Ketresna ti: Wwww.sunda.liezmaya.web.id

Rika Rafika - Galunggung

10:55 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Layung luhureun galunggung
marengan wanci sareupna
surya ngampih pabuburit
pamit kacaangna beurang

duaan waktu harita, babarengan nyulam cinta
bari pinuh pangharepan
bagja pinuh pinekanan

layung luhureun galunggung
kunaon leungit teu pamit…leungit teu pamit
boa teuing cinta urang
moal lana papanjangan

layung luhureun galunggung
undurna kawas nu pundung…kawas nu pundung
boa pasini ngajangji
kapupus moal ngajadi

duaan waktu harita, babarengan nyulam cinta
bari pinuh pangharepan
bagja pinuh pinekanan

layung luhureun galunggung
kunaon leungit teu pamit…leungit teu pamit
boa teuing cinta urang
moal lana papanjangan

layung luhureun galunggung
undurna kawas nu pundung…kawas nu pundung
boa pasini ngajangji
kapupus moal ngajadi

Katresna ti: Www.liezmaya.web.id

The Bogez - Bete

10:41 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Hapunteun tacan aya lirikna hehe :P

Band Djajaka Soenda - Please !!! Kawinkeun

10:37 PM Ku Liezmaya 2 pesen
Abah abi hoyong nikah bah
entos heunteu kiat bah
hoyong ngasaan ngetang

abah abi hoyong nikah bah
macam mana pula bah
entos heunteu kiat

Awewenamah bah entos aya
kajeun irungna pesek awakna bunteut
tapi kajeun kitu kuring cinta
jang kawinmah kajeun ngajual calana

abah abi hoyong nikah bah
macam mana pula bah
tos hoyong ngitung budak

Abah abi hoyong nikah bah
entos heunteu kiat bah
abdi tos teu kiat...

Awewenamah bah entos aya
pokoknamah kawinkeun kuring ayeuna
kajeun rada bunteut, kajeun rada buleud
nu pentingmah bogaeun keneh nu rapeut
kajeun rada bunteut, kajeun rada buleud
nu pentingmah bogaeun keneh nu mangpeut

Pokoknamah abah kuring hayang nikah
geus teu kuat kuringteh hirup nyorangan
mun isuk murungkut, mun peuting murungkut
geus teu kuat hayang ningali nu nyumput

Awewenamah bah entos aya
pokoknamah kawinkeun kuring ayeuna
kajeun rada bunteut, kajeun rada buleud
nu pentingmah bogaeun keneh nu rapeut

Awewenamah bah entos aya
kajeun rada bunteut, kajeun rada buleud
nu pentingmah bogaeun keneh nu mangpeut

The Panas Dalam - Bencong Sapoy

10:27 PM Ku Liezmaya 2 pesen
wanita sekodya bandung punya saingan
semenjak jono jadi bencong
jono yang dulu jadi kopral
kini sudah bukan
tapi bencong terkutuk
jika bicara seperti desir angin
bibirnya basah kuyup
jika bejalan seperti tanpa tulang
si bencong tulang lunak

ya Alloh lindungilah kami
dari bencong terkutuk
ya bencong lindungilah kami
dari jono terkutuk

wanita sekodya bandung punya saingan
semenjak jono jadi bencong
jono yang dulu jadi kopral
kini sudah bukan
tapi bencong terkutuk
jika bicara seperti desir angin
bibirnya basah kuyup
jika bejalan seperti tanpa tulang
si bencong tulang lunak

ya Alloh lindungilah kami
dari bencong terkutuk
ya bencong lindungilah kami
dari jono terkutuk
ya jono lindungilah kami
dari kopral terkutuk
ya kopral lindungilah kami
dari saling mengutuk

ow ow....

The Panas Dalam - Budak Baheula

10:27 PM Ku Liezmaya 0 pesen
yeuh aya digigireun
hey nu gelo ulah gandeng nde bobo
insya allah enjing2 bade ngiring
jeung ibuna naek kuda di ganesha

yeuh ieu anak saya
kasep bageur soleh nurun ti bapana
gaduh kaos kaki seueur warna warni
topi rompi bade meser tanggal hiji

sing luhur sakola
elehkeun si bapa
bagikeun elmuna
anu sombong moal boga babaturan

yeuh tingal diri kami
langkung bagja ti kaluarga cemara
artos seueur tapina moal bebeja
kami sieun bilih dipaok tatangga

yeuh hayu geura gede
indonesia geus direbut kelong wewe
lamun maneh cicing wae teu kabere
mun teu kabere mendingan cicing wae

upami si bapa
ngan nyieun kaera
mun kitu hampura
bapa mah maklum budak baheula

The Panas Dalam - Maklum Poek

10:21 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Waktu aing datang ka imah sia
Ku indung sia dipereuman lampuna
kagok edan ku aing sagala dipacok
sihorengteh indung sia kabagean

Reff:
maklum poek 4x....

Waktu sia datang ka imah aing
ku indung aing dipareuman lampuna
naha atuh maneh macokan meja
ku indung aing maneh disangk hayam

Reff:
maklum poek 4x....

Waktu aing heunteu ka imah sia
ku indung sia dipareuman lampuna
naha indung sia macokan meja
disangka aing datang ka imah sia

Reff:
maklum poek 4x....

Upload by: Www.LieZMaya.Web.ID

The Panas Dalam - Tong Gandeng

10:20 PM Ku Liezmaya 0 pesen
Tong Gandeng
Aya nu geuring
Urang mah bae
Da dulurna

Tong Ribut
Aya nu sare
Urang mah bae
da dulurna

Tong ngising
aya nu dahar
Urang mah bae
da dulurna
[ LirikSunda.Blogspot.com ]

Tong gandeng
Aya nu adzan
Urang mah bae
da nu Adzanna

Tong paeh
acan waktuna
urang mah moal
da embung
maneh wee..

Tong Garing
Aya nu nyanyi
Urang mah moal
da embung..
[ LirikSunda.Blogspot.com ]

Hetty K Endang - Jalan Braga

23.4.09 10:46 PM Ku Liezmaya 2 pesen
Jalan braga jalan intelek
tidak boleh masuk keretek
becak roda bemo honda jalana muter
ber datang ti kaler har kaburu lier

Jalan braga mobil plat beureum
perhiasan emasna reunceum
tahan harga jaga gengsi meuli tarasi
duh kukulilingan har teu beubeunangan

Jalan braga tempat shoping jalma gede
soal harga itumah soal sepele
komo amin rais pamer mode nu gareulis
dulak dilak ucad aceud nu nenjokeun panas tiris

Jalan braga tetep teu robah
teu galider tahan sajarah
gunta ganti heunteu niru cara nu sejen
tuh jalan nu paten hey jalan konsekwen

Jalan braga heurin ka gigir
satengahna beak ku parkir
pareung macet lalu lintas
hese rek mundur, duh baeud nu ngatur, keun wayahna sabar

Jalan baraga jadi jalan kelas hiji
jadi catur pangimpian urang sisi
usuk perundangan urat nadi kota kembang
pageuh kuat jalan braga ngarojong ka balarea

(suling)...[Upload by: Www.LieZMaya.Web.ID & Www.LirikSunda.BlogSpot.Com ]

Jalan braga tetep teu robah
teu galider tahan sajarah
gunta ganti heunteu niru cara nu sejen
tuh jalan nu paten hey jalan konsekwen

Jalan braga heurin ka gigir
satengahna beak ku parkir
pareung macet lalu lintas
hese rek mundur, duh baeud nu ngatur, keun wayahna sabar

Jalan baraga jadi jalan kelas hiji
jadi catur pangimpian urang sisi
usuk perundangan urat nadi kota kembang
pageuh kuat jalan braga ngarojong ka balarea.

Tutumbuan

Milari Dadali Manting